Dina Filsafat sadaya tiasa di bahas,
kalebet dzat sareng wujud Allah. Hal éta dimaksudkeun pikeun ngajawab patarosan
nu sumping ti luar Islam. Utamina kaum Yahudi, anu cenah can anggeus nanya mun
urang can kadeseh. Kaum Orientalis, anu cenah ngayakeun panalungtikan, diajar
agama jeung budaya urang, nu ahirna pikeun ngaruntuhkeun urang. Sareng kaum nu
séjénna , nu sabangsa jeung maranéhna, nu cenah can cicing mun urang can lebet
kana golonganana.
Jawaban pikeun maranéhna téh kudu
logis, asup akal, katarima ku akal sehat, mun bisa mah ilmiah. Alesan Agama teu
tiasa lebet, anu nanyana ogé di luar Islam! Kadangkala mah agamana ateis. Dalah
kumaha gé moal nyambung!
Kumaha pami anu ngajengkeunana
ngagem agama Islam? Waleranana gampil nyaéta ku alesan agama, dumasar kana
Al-Qur’an, Sunnah, sareng katerangan nu sanésna, anu ngadukung kana patarosan
éta. Jawaban anu merenah, ditambih kaimanan anu kiat, tangtos tiasa nyugemakeun
anu naros. Langkung-langkung ditambih kahartos ku akal pikiranana.
Di dunia filsafat mah kalebet
patarosan anu umum, biasa, teu sabaraha dibandingkeun sareng patarosan:
Saleresna kumaha dzat Allah anu ku urang disembah téh?
Kumaha wujud Allah anu ku urang di
pusti-pusti téh?
Ceuk filosof, teu nanaon patarosan
nu kitu diajengkeun, supaya anu dilakonan ku urang téh jelas maksud jeung
tujuanana. Padamelan anu teu jelas maksud jeung tujuanana mah tong dipidamel.
Asup akal pan? Logis pan? Kaharti ku akal séhat pan? Jadi, lamun urang teu apal
kana dzat sareng wujud, rék nanahaonan nyembah Alloh?
Derrrr weh urang Islam anu aqidahna
kirang, teu sarolat nepikeun ka aya nu ka luar ti Islam, murtad. Jalma-jalma di
luar Islam anu geus mimiti interés ka Islam ku alatan pasualan éta jadi
malundur. Kusabab teu dibahas téa. Ceuk filosof mah éta hiji karugian dina
rékrutmen umat. Mantak gé sok bahas sagala pasualan sangkan kaharti ku akal.
Saur sabagian agamawan, derrrr
langsung dijawab…….. murtad tah nu nanya téh! Geus antepkeun we si ontohod kos
kitu mah tong dipaliré. Percuma ngajelaskeun ka manéhna mah moal bisa ngarti.
Teu meunang hidayah, peun teu aya terusanana.
Antukna nu tadina ngagem agama Islam
téh, pindah ngagem agama séjén, malahan teu boga agama. Da éta disebut murtad
téa ku dulurna sorangan. Anu di luar agama Islam cacarita taaaahhhh…… tempo
urang Islam kakara dibéré pasualan kitu ogé geus teu bisa ngajawab,
cingcirining kakuranganana. Atuuuuhhhh ngarémbét kana pasualan nu séjén, tepi ka
étos kerja sagala rupa di bahas ditempo tina kayakinan nu diagem, antukna agama
anu disalahkeun.
Ceuk filosof, sakali deui… hiji
karugian dina mertahankeun umat. Mantak gé sok bahas sagala pasualan sangkan
kaharti ku akal. Saur sabagian agamawan, tetep…. Murtad, jalma nu teu meunang
hidayah. Peun teu aya terusanana.
Saur sabagian kelompok nu sanes, aya
hal-hal anu kedah diperhatoskeun nalika urang ngawaler patarosan nu di luhur:
1. Sok taros ku andika saha nu
ngajengkeun pasualan éta?
- yuswana sabaraha?
- atikanana ti mana?
- naha ngagem Islam atanapi henteu?
2. Naon pangna anjeuna naroskeun
perkara éta?
- naha pikeun nguji?
- naha pikeun ngandelkeun kaimanana?
- naha dirina aya dina kaayaan imanna nu keur turun?
- naha dina raraga milari hiji agama pikeun diagem ku anjeuna?
Taaahhhhh pami dua patarosan nu aya
anakan, kajawab. Prak walon ku andika nu rumaos kebek ku élmu pangaweruh
ngeunaan pasualan éta kalayan merenah, basa nu saé, sangkan nu naros teu
kasigeung dumasar kana tatapakan nu tiasa dipertanggungjawabkeun.
Pami nu ngajengkeun pasualan éta
ngagem agama Islam, waleran téh langsung dumasar kana Al-Qur’an sareng
As-Sunnah (margi éta nu janten tatapakan urang). Ĕta mah ujian pikeun urang.
Buktoskeun yén kaimanan langkung utami batan nu sanés, langkung-langkung pami
nu naros téh pimitohaeun. Jawab, sangkan kaimanan nu ngajengkeun éta pasualan
janten langkung kandel, ulah dugi ka turun langkung jero. Komoooo dugi ka
ngantunkeun kayakinan, margi éta téh kalebet tanggel waler urang salaku
dulurna. Nunjukkeun ka jalan anu lempeng.
Ayeuna pami nu ngajengkeun pasualan
éta di luar Islam, waler dumasar kana Al-Qur’an sareng As-Sunnah. Teu sawios
pami anjeuna teu ngartoseun ogé. Ĕta téh tiasa nunjukkeun kadar kaimanan urang.
Kakuatan agama urang dina medar pasualan éta. Atuh mamanawian tiasa janten
hidayah pikeun anjeuna. Pilari sumber anu tiasa ngarojong kana jawaban pasualan
éta, nu kinten-kinten logis. Margi ti dinya agama urang keur diuji ku
aranjeunanana.
Batesan patarosan nu sumping. Margi
pami teterasan ulah-ulah kalebet golongan Islam anu tisolédat kayakinan, Yahudi
atanapi Orientalis.
Leres henteuna agama teu kedah diuji
ku manusa. Aya henteuna manusa nu ngagem, agama Islam tetep aya moal tilem.
Tapi buktosna, di alam tempat kumelendang manusa, nu di paparin akal pikiran ku
Alloh, sagala rupi tiasa naék ka permukaan. Ĕta téh ujian. Urang salaku umatNa
gaduh tanggel waler dina raraga mertahankeun kayakinan urang, sangkan lolos
tina ujian anu sumping. Kumaha carana? Urang gaduh tarékah séwang-séwangan luyu
jeung alam pikiran urang. Hiji anu pasti, sadaya anu dipilampah ku urang kanggo
ngagungkeun Asmana Alloh, Insya Alloh.
Pribados yakin Kang Tédi yuswa tos
cekap. Atikanana? Yakinlah luhung! Tinangtos ngagem agama Islam. Ĕta pikeun
ngajawab patarosan kahiji. Patarosan kadua? Teu kedah diwalon, cekap ku
patarosan kahiji ogé. Pribados teu kumawantun ngiring mairan éta pasualan margi
élmu pangaweruh anu teu acan dugi ka dinya. Tapi panginten aya konci kanggo
ngawaler patarosan éta:
1. Pilari dina Al-Qur’an sareng
As-Sunnah, pami teu lepat parantos aya nu ngaguar
“Leres kang, tina terjemahan bahasa Indonesia, cobi we tengetan nu dihandap ieu:
Al-Baqarah: 125. Dan (ingatlah), ketika Kami menjadikan rumah itu (Baitullah) tempat berkumpul bagi manusia dan tempat yang aman. Dan jadikanlah sebagian maqam Ibrahim tempat shalat. Dan telah Kami perintahkan kepada Ibrahim dan Ismail:"Bersihkanla h rumah-ku untuk orang-orang yang thawaf, yang i'tikaf, yang ruku', dan yang sujud.
“Leres kang, tina terjemahan bahasa Indonesia, cobi we tengetan nu dihandap ieu:
Al-Baqarah: 125. Dan (ingatlah), ketika Kami menjadikan rumah itu (Baitullah) tempat berkumpul bagi manusia dan tempat yang aman. Dan jadikanlah sebagian maqam Ibrahim tempat shalat. Dan telah Kami perintahkan kepada Ibrahim dan Ismail:"Bersihkanla h rumah-ku untuk orang-orang yang thawaf, yang i'tikaf, yang ruku', dan yang sujud.
Al-Baqarah: 127.
Dan (ingatlah), ketika Ibrahim meninggikan (membina) dasar-dasar Baitullah
beserta Ismail (seraya berdo'a):"Ya Tuhan kami terimalah daripada kami
(amalan kami), sesungguhnya Engkaulah Yang Maha Mendengar lagi Maha Mengetahui.
Al-Baqarah: 158.
Sesungguhnya Shafaa dan Marwa adalah sebagian dari syi'ar Allah. Maka barang
siapa yang beribadah haji ke Baitullah atau ber'umrah, maka tidak ada dosa
baginya mengerjakan sa'i di antara keduanya. Dan barang siapa yang mengerjakan
suatu kebajikan dengan kerelaan hati, maka sesungguhnya Allah Maha mensyukuri
kebaikan lagi Maha Mengetahui.
Ali-Imran: 96. Sesungguhnya
rumah yang mula-mula dibangun untuk (tempat beribadah) manusia, ialah Baitullah
yang di Bakkah (Mekah) yang diberkahi dan menjadi petunjuk bagi semua manusia.
Ali-Imran: 97. Padanya
terdapat tanda-tanda yang nyata, (diantaranya) maqam Ibrahim; barangsiapa
memasukinya (Baitullah itu) menjadi amanlah dia; mengerjakan haji adalah
kewajiban manusia terhadap Allah, yaitu (bagi) orang yang sanggup mengadakan
perjalanan ke Baitullah; Barangsiapa mengingkari (kewajiban haji), maka
sesungguhnya Allah Maha Kaya (tidak memerlukan sesuatu) dari semesta alam.
Tidak ada komentar:
Write komentar